Rabu, 10 April 2013

Hukum di Nagara Bodor Cianjur

alkisah aya nukeur ngabangun imah...
tukang bangunan na labuh ti luhur, nepi ka maot, lantaran nincak kayu, teu bener masangna....
kulawarga korban teu narima, nuntut ka pengadilan...
nu boga bangunan imah di panggil ku pengadilan..
pengadilan : "hayo ngilu ka pengadilan..."
nu boga imah : "naha kunaon..? lain urang nu salah mah,, tuh tukang kayu, masang kayu na teu bener,, jadi weh murag..."
tukang kayu dipanggil ku pengadilan...
tukang kayu : "ke.. ke.. ke.. tong nyalahkeun ka urang, etamah gara2 awewe gigireun, manehna make baju beureum meni serab,, jadi weh masang kayu na teu bener..."
awewe nu baju beureum dipanggil ku pengadilan...
awewe : "hor, etamah lain salah urang,, eta mah salah tukang ceulep... baju teh dititah diceulep ku warna hideung,, nya kunaon jadi beureum...."
tukang celep dipanggil,, dibawa ka tiang gantungan....
ari tukang celeup jangkung... ari tiang gantungan pendek... jadi teu maot-maot...
hakim : "kumaha beres digantungna..."
algojo : "hese... teu paeh-paeh,, tukang celeup na jangkung teuing... pak hakim.."
hakim : "gampang atuh,, neangan tukang celep nu pendek.."
caritana kapanggih tukang celep nu pendek....
pengadilan : "maneh hayu ngilu,, dihukum gantung ku aing..."
tukang celeup pendek : "naon ari salah abdi...?"
pengadilan : "salah maneh mah,, pendek,,,!!!! kunaon atuh awak maneh pendek.."
tukang celep : ?????
kacaritakeun tukang celep geus dihukum gantung....
hakim : "kumaha adiiiiiil...!!!!"
warga : "adiiiiiil...........!!!!!!!"

hahaha,,, tah eta hukum di republik antah barantah....
kumaha hukum di indonesia......??????

sanes curuk

Alkisah mang udin urang bojong keur ngomean pager.....
Waktu keur nancebkn paku kana pageur, curukna ka takol ku palu nepi ka bareuh.. Adaaaaw ..

Nyai    : "kunaon mang...?"
M'udin : "duh.. curuk mang udin bareuh katakol ku palu.."
Nyai    : "ubaran atuh mang, Mun hyang cageur mah.... bebeskeun kana bujur munding tuh di tukang.." (bari nunjuk)

mang udin ngaleos katukang ka kndang munding..

M'udin : "bener nyai, curuk mang udin cageur tos dibebesken kana bujur munding mah.."
Nyai    ; "nya ceuk abdi ge naon..!!!"

Peuting na di kmpung m'udin pareum listrik..
Mang udin labuh sabat ka cai, Curukna bareuh deui kagencet batu..
Mang udin inget k si nyai janda kmpng (tatanggana)

m'udin : "nyai.. Nyai.. Anter mang udin ka kandang mundig, curuk emang bareuh deui.."
              Skalian pangdamaranken ku cempor poek.. (sbari ngaleos ka kandang munding)
Nyai    : sok atuh ku abdi didamaran.. (sabari nongeng nempoan bujur munding.)..
             Sok atuh bebesken tuh curukna kna  munding.. Eee.. Eeh.. Emang eta.. Ta.. Mah.. Lain bujur munding..
             (ceuk si nyai sabari peupereudeyan)..
M'udin : kendae lah.. Da ieu ge lain curuk....
             "Maklum pooeeeek nyi..".....
Nyai    :  ????????????????????????????

Tukang Endog oge Teu Endogan

Alkisah aya tukang obat penumbuh bulu nawarken dagangannana di emper...
Tkng dagang : "obat bulu,, obat bulu, dijamin manjur, sakali dioles, bulu lngsung jadi,"..
Nu meli : "naha mang, ari emang ning teu buluan, teu kumisan2 acan.."
tkng dgang : "ssrtt,, montong loba gandeng siah,, tukang endog oge teu endogan.."
nu meuli : "haaah...!!??!!??.." (bari gugutrut...)

Umpan Jitu


alkisah aya tukang nguseup pake umpan na ku tai jelema....
hiji poe samemeh ngusep,,, tukang nguseup miceun heula, taina tuluy dibungkus ku wadah umpan... kacaritakeun tukang ngusep bangenan meunang lauk loba teu kungsi lila umpana beak.... pas ngareret aya tukang ngarit di sawah kabeuneran tukang nguseup mawa pestol terus eta pestol ditodongkeun ka tukang ngusep
tk. ngusep : modol siah,,, lamun teu modol ku urang di dor....
tk ngarit : ampun,,, da kuring na oge teu hayang miceun...
tk. ngusep : aing teu hayang nyaho,,, pilih ,, mending modol mending di dor...
tk ngarit : mangga kang,, tapi ulah di dor... ( ngaheujeun bari kapaksa teu hayang miceun oge)
terus eta tai ku tk. nguseup dibungkus der we manehna jongjon ngusep deui di sisi susukan...
sabat tkang nguseup jongjon,, eta pestol direbut ku tukang ngarit,,, terus ditodongkeun ka tkng nguseup,,,
tk. ngarit : didahar moal siah umpan ti aing....
tk. nguseup : geuleuh atuh kang,,, ampun..
tk. ngarit : teu hayng nyaho,,, lebok ku sia tah umpan ti aing....
kapaksa eta umpan diteurey ku tk ngusep bari teu beukien oge........